Kamis, 19 September 2019

colenak

Colenak


A.harti colenak

Colenak teh nyaeta kadaharan nu kawit na tina peuyeum sampeu nu dibeuleum terus dibanjur ku kinca antawis gula beureum nu lelehkeun dicampurkeun sareng parudan kalapa. Ninggal kana sajarah na ieu colenak, kapungkur na mah colenak teh nami na “peuyeum digulaan”. Mung kumargi beuki kadieu, langkung seueur nu sedep kana colenak nya tos tangtos langkung seueur oge nu ngagaleuh. Diantawis seueur na eta nu sok ngagaleuhan, aya salah sawios palanggan nu masihan saran yen eta nu nami “peuyeum bandung” teh gentos ku “colenak” nu hartos na dicocol enak.

B.cara ngajieun colenak

bahan-bahan colenak:
-500gram peyeum

-2 sendok margarine

-gula berem

-kalapa parut

-350ml santen
-2 lembar daun pandan
-1/4 garem

cara ngajieun colenak:

a.peyeum dibeleum

  • Beleum peyeum dina wajan nu tos di oles ku mentega nepika kacoklatan sabari di bolak-balik keun
b.saus
  • didih keun jeung aduk santan,gula bereum jeung daun pandan nepika ngadidih,tambah keun garam sabari di aduk nepika gula bereum na cair,asup keun kalapa parut nepika ngentel.
C.cara nyajikeun
  • cokot tape singkong saji keun diluhur piring,siram keun kinca kana tape singkong nu tos dibeleum.

C.Inovasi colenak meh tiasa go internasional

Tahh, ku kiwari mah colenak teh teu mung saukur dibanjur ku gula nu dicampur sareng kalapa hungkul, tapi aya oge nu nganggo rasa coklat,keju,nangka,jeung durian. Supados tiasa ngiring kana kamajuan jaman jeung meh teu sirna. Colenak oge tiasa ngagunakeun berbagai topping anu modern sapertos ngagunaken keju parut,meses,oreo,atawa tiasa make es krim diluhur na.


supados teu sirna colenak tiasa dijual di kafe jeung di hotel-hotel,jadi colenak lamun aya di kafe jeung hotel pelanggan lokal teh lamun resep tiasa dikenal komo lamun anu ngadaharna pelanggan luar negri resep kana eta colenak jadi tiasa  go internasional di kenal ku loba jelema jadi weh colenak moal sirna.


colenak oge tiasa diasup keun kana acara bazar anu sok didatangan ku anak muda ameh anak muda apal naon eta colenak jeung ameh di pika resep ku anak jaman ayeuna jeung tiasa dilestari keun ku  barudak jaman ayeuna nu loba na resep kana kadaharan luar negri,harapan na anak jaman ayeuna nyobian colenak tiasa di pika resep.

Sumber:
http://temankoki.blogspot.com/2015/08/resep-cara-membuat-colenak.html?m=1
http://sebarin-ilmu.blogspot.com/2016/04/colenak.html?m=1